Sérén Taun Kasepuhan Ciptagelar Anu Ka- 650 Taun

  Posted on   by   No comments

Kasepuhan Ciptagelar mangrupa sala sahiji kampung adat anu perenahna di Kabupatén Sukabumi. Ieu kampung geus teu bireuk deui di kalangan wartawan atawa traveling nu resep kana budaya jeung tradisi. Komo saupama aya acara- acara adat anu kawilang gedé saperti Sérén Taun. Tamu timana-mana, ti mimiti mahasiswa nepi ka pejabat samodél gubernur datang ka Kasepuhan Ciptagelar, pikeun nyakséni kagiatan adat. Tina biasana réhé, hésé jajanan sarta dagangan, dina acara sérén taun mah, anu dagang sagala rupa ogé daratang ka ieu kampung. Ti mimiti dagang kadaharan, baju nepi ka kaulinan barudak modern saperti imah balon gé aya. Ku kituna, kagiatan adat sérén taun mangrupa kagiatan anu di anti-anti pisan ku masarakatna.

Sérén taun nya éta sala sahiji acara taunan, anu dilaksanakeun sataun sakali di Kasepuhan Ciptagelar. Ieu acara geus lumangsung ti taun 1368 nepi ka ayeuna. Sérén taun asal kecapna tina kecap sérén jeung taun. Nurutkeun kamus Danadibrata, kecap sérén mangrupa kecap pagawéan mulangkeun, mikeun atawa nyerahkeun deui naon-naon anu tadina dititipkeun. Sedangkeun, taun nu hartina waktu di dunya nu lilana dua belas bulan. Masarakat kasepuhan nandakeun yén sérén taun mangrupa acara panutup pamakayaan, dina ieu acara masarakat ngareuah- reuah hasil panén salila sataun ku cara ngirim du’a ka para karuhun jeung upacara adat ngadiukeun. Pikeun nyoréang alam ka tukang, nyawang alam nu bakal datang atawa alam nu geus dilakonan dijadikeun tatapakan sangkan alam kahareupna leuwih hadé ti saméméhna.

Acara adat sérén taun anu ka- 650 taun ieu dilaksanakeun ti tanggal 6-9 Séptémber kamari. Rupa-rupa kasenian nyakséni unggal peuting, diantarana baé aya kasenian Jipéng, Angklung Dogdoglojor, Wayang Golék, Degung, nepi kanu modern saperti Dangdut aya di ieu kampung. Acara inti sérén taun nincak dina malem minggu jeung poé minggu. Tamu ti luar nyakséni kasenian Ngagondang anu dilaksanakeun malem minggu bareng jeung Tari Jipeng, Jaipong nepi ka Tari Kontémporér.

Nincak ka poé minggu isuk- isuk sakumna masarakat adat milu upacara ngadiukkeun. Saméméh upacara, biasana baris kolot atawa kokolot unggal lembur kumpul di tungtung lembur pikeun ngarak paré taun ieu nepi ka alun- alun, ku cara dibagi, aya nu ngunjal atawa nanggung paré, aya ogé nu maénkeun kasenian rengkong, aya ogé nu ukur leumpang bari ngajajar hungkul, sarta dipimpin ku Aki Karma salaku rorokan dukun jeung Ki Koyood salaku rorokan pamakayaan sarta Ki Arsan salaku kolot lembur. Salian éta aya ogé lima wanoja nu mejeuhna mamaja putri nu disebut puputrian. Dibarengan ku angklung dogdoglojor, jipeng sarta kasenian debus. Ieu arak-arakan nepi ka alun-alun nu dibaturan ku Ki Léngsér. Dialun- alun kasepuhan geus dipapag ku ibu- ibu nu gegendék sarta Abah Ugi salaku sesepuh girang jeung kulawargana sarta baris inohong pamaréntahan, saperti Gubernur, DPR, DPRD, Jaro nepi ka pihak Pariwisata jeung Kabudayaan Nasional geus dariuk di mumunggang kasepuhan, pikeun ngalaksanakeun Upacara Ngadiukkeun.

Upacara ngadiukkeun nyaéta upacara ngampihkeun paré atawa ngadiukkeun paré ka leuit si jimat. Leuit Si Jimat mangrupa sala sahiji tempat panyimpenan paré anu geus turun- temurun sarta dikolotkeun ti leuit séjén, sabab ieu leuit mangrupa bekel saupama aya musibah anu henteu dipikahayang. Hak milikna pikeun sakumna warga kasepuhan anu kakurangan bekel. Upacara ngadiukkeun ieu dibarengan ku kidung sri anu dihaleuangkeun ku Ki Aad salaku juru kawih. Sanggeus Upacara abah, baris kolot sarta jajaran pamaréntahan tuluy ka Balé Sosial pikeun ngayakeun saréséhan. Sanggeus éta tuluy ngalongok hasil kerajinan masarakat adat anu disebut paméran.

Ieu paméran diarak ti lembur séwang- séwangan di bawa ku dongdang dina poé saacan upacara ngadiukeun. Biasana dilaksanakeun dina poé Jumaah isuk-isuk. Anu di pamérankeun téh lain ngan ukur kerajinan tangan saperti kandéron, hihid, geulang simpay, sapu awis jeung sajenisna, mayoritasna dijieun tina bahan-bahan anu aya dileuweung hungkul, tapi sayuran saperti honjé, salédri, kucay, jrrd. Harga nu ditawarkeun ogé rupa-rupa tinu sapuluh rébuan nepi kanu ratusan rébu.

Nincak ka malem senén kagiatan pamungkas nya éta kirim du’a ka para karuhun tuluy nyakséni Carita Pantun anu dilaksanakeun sapeuting jeput. Carita Pantun anu biasa dilalakonkeun nya éta lalakon lutung kasarung. Ki Arsan salaku Juru Pantun biasana ngagelar carita pantun di tengah imah gedé atawa pusat kagiatan.

Categories: Tulisan Warga

Comments

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

4 × 2 =

This site uses Akismet to reduce spam. Learn how your comment data is processed.