Sistim Tatanén Masarakat Adat Ciptagelar

  Posted on   by   No comments

Kampung adat Ciptagelar mangrupa hiji kampung adat anu masih kénéh nyekel tradisi adat kabiasaan nu baheula dilakonan ku karuhun. Salasahijina waé sistim tatanén anu masih kénéh dilakonan numutkeun karuhun baheula nu geus jadi aturan dina adat nu teu meunang dirempak. Salasahijina nya éta kagiatan makaya. Makaya nya éta sistim tatanén atawa melak paré di Kampung Ciptagelar. Aya dua tempat pamakayaan nya éta di huma jeung di sawah nu dilaksanakeun sataun sakali. Dilaksanakeun sataun sakali téh pikeun ngareureuhkeun heula taneuh nu sok dipaké makaya lantaran taneuh ogé butuh istirahat. Kitu ogé waktu anu biasana dipaké makaya teu sagawayah. Biasana dimimitian ti bulan September nepi ka panén.

Makaya di Kampung Ciptagelar dicirian ku ayana turun nyambut. Turun nyambut nya éta ngamimitian nyieun lahan pamakayaan boh di huma boh di sawah. Biasana makaya leuwih diutamakeun di huma, nu dibarengan ogé ku makaya di sawah ku cara selang-seling ngagarapna.

Sabada meunang lahan pikeun makaya, hal mimiti nu dilakukeun nya éta indit ka sawah pikeun nyiapkeun pabinihan ku cara macul, ngagaru, jeung ngawaluku. Aya ogé numpang galeng atawa ngaganti galengan anu heubeul ku galengan anu anyar. Tuluy saminggu ti dinya pindah ka lahan huma pikeun ngamimitian makaya ku cara nyacar atawa ngabersihkeun lahan keur pihumaeun ku cara dikoréd. Ti dinya pindah deui ka sawah pikeun melak binih. Dua bulan ti éta, pindah deui ka huma. Di huma, ngahuru atawa meuleum panyacaran nu geus garing. Sabada ngahuru, patani ngayakeun heula salametan anu dingaranan salamet ngahuru, nu mangrupa kagiatan ngirim do’a sangkan dibéré kalancaran.

Sanggeus kitu, tuluy ngabersihan lahan pihumaeun nu disebut ngaduruk. Dina ngaduruk biasana patani nyieun ciri pikeun tempat ngamimitian paré nu disebut pungpuhunan. Pungpuhunan biasana dijieun ku opat juru awi tuluy tengahna dipelakkan ku daun séél lima dahan, sadahan dadap, satangkal pacing jeung satangkal sulangkar. Tuluy dihijikeun dina lahan pamakayaan huma anu nyanghareup ka kidul.

Saminggu ti dinya, dituluykeun deui ku melak paré di huma nu biasa disebut ngaseuk. Dina ngaseuk, binih paré dicampur jeung binih haraka huma saperti wijén, siki waluh, hiris, jeung siki kacang anu biasana dicampurkeun dina wadah taméan atawa sarupa sahid. Saminggu ti ngaseuk, patani ngayakeun deui salametan anu biasa disebut salamet paré sapangjadian sangkan paré bisa mulus kalayan dibéré berkah salamet sarta jauh ti hama nepi ka waktu panén.

Sabada kitu pindah deui ka sawah. Di sawah aya kagiatan babad atawa nyaangan galengan sawah. Tuluy sawah dianglér ku cara dipacul, digaru, ogé nyieun pungpuhunan anu sarua jeung di huma. Saminggu ti tandur, paré dibérak. Biasana bérak nu dipaké nya éta urea, toska, jeung TSP. Kitu ogé bérak nu dipaké di huma. Sabulan ti dinya, tuluy ngayakeun salametan haraka huma, dibarengan jeung tanda tutupna makaya boh di sawah boh di huma nu réngsé ditandur jeung dikoréd. Kagiatan satuluyna nya éta ngarorok huma jeung sawah nu dibarengan ku pamageran.

Pamageran nya éta ngajaga huma jeung sawah sangkan paré teu diserang ku hama. Dina prosés pamageran, anu nyekel tanggung jawab téh paninggaran atawa patani nu pancénna ngajaga lahan pamakayaan. Sanggeus kitu, biasana paninggaran nembakeun bedil ka luhur sangkan hama nu ngadéngé sora bedil kabur. Salian ti paninggaran, aya ogé patani anu tugasna ngajaga sawah sangkan caina tuluy ngamalir ka sawah.

Kagiatan anu saterusna nya éta panyiraman. Panyiraman nya éta kagiatan mapag paré nyiram reneh beukah ku cara ngayakeun salamet nu disebut salamet paré nyiram mapag paré beukah. Isukna masang rawun atawa ngarawunan minangka simbol nu miboga tujuan pikeun ngajaga angin, hama, jeung manuk. Rawun biasana dijieun tina daun lamé, daun sasah, kembang sauheun jeung dahan cabé. Rawun anu geus jadi biasana diteundeun di saung jeung dipungpuhunan.

Kurang leuwih sabulan ti panyiraman dituluykeun ku panyimuran. Bahan panyimuran nya éta cai nu dieusian kembang kikilaban, pacar téré jeung kembang pacing. Nyimur biasana dilakukeun ku cara meureuhan orok anu karak gumelar ku cai doa nu disebut tolak bala.

Abah Ugi Sugriana

Sanggeus panyimuran kurang leuwih sabulan, dituluykeun ku mipit atawa ngala paré munggaran anu biasana dilaksanakeun di huma. Mipit dimimitian ku cara netepkeun paré pamelakan di pungpuhunan. Sanggeus kitu, langsung ngala paré ku cara diétém. Sakumaha legana paré di huma, tetep diala ku cara diétém saperti cara karuhun baheula. Sabada diétém, paré tuluy dipocong. Geus kitu paré biasana dibawa ti huma ka lantayan (tempat ngagaringkeun paré). Kitu ogé panén di sawah anu jangka waktuna kurang leuwih sabulan ti panén di huma.

Sabada paré garing, patani biasana mérésan deui pocongan paré boh ti huma boh ti sawah ku cara dibeungkeut deui ku tali awi atawa ku tali teureup. Biasana paré nu dibeungkeut ku tali teureup disebut paré indung. Paré indung nya éta pocongan paré nu dihijikeun antara paré huma jeung paré sawah. Sababaraha poé ti harita, paré nu geus dipocong tuluy dibawa ka lembur, sawaréh diasupkeun ka leuit, sawaréh deui di teundeun di tempat nu aman keur nutup paré anyar. Saminggu sanggeus mawa paré di leuit, biasana diayakeun upacara ngadiukeun paré nu dibarengan ku seni dogdog lojor.

Saminggu ti éta, masarakat ngayakeun acara nutu paré anyar. Ieu kagiatan dilaksanakeun ku sararéa. Heuleut saminggu ti nutu paré, tuluy nyangu paré anyar pikeun ngirim doa ka karuhun nu disebut ngabukti atawa nganyaran. Saminggu ti nganyaran, masarakat adat biasana ngayakeun musawarah pikeun nangtukeun waktu keur ngareuah-reuah hasil tatanén (pongokan). Kagiatan dituluykeun ku jarah ka para karuhun. Dua minggu ti jarah, masarakat adat ngayakeun upacara pikeun ngareuah-reuah hasil tatanén sangkan hasil taun tatanén taun hareup leuwih alus deui. Acara ngareuah-reuah ogé minangka nyorang alam ka tukang, nyawang mangsa nu bakal datang nu disebut sérén taun. Upacara sérén taun mangrupa acara pamungkas dina kagiatan makaya. Sanggeus sérén taun, masarakat adat reureuh heula tina kagiatan makaya. Aya masarakat anu ngayakeun hajatan boh nyunatan boh nikahkeun. Malah aya ogé masarakat nu gawé ka luar kampung bari nungguan waktuna makaya deui.

Sumber: Observasi Lapangan

Categories: Tulisan Warga

Comments

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

twenty − twelve =

This site uses Akismet to reduce spam. Learn how your comment data is processed.